Iber

Pidangan Balé Rumawat Padjadjaran Kasinugrahan Layang Pangajén Muri

2047
×

Pidangan Balé Rumawat Padjadjaran Kasinugrahan Layang Pangajén Muri

Sebarkan artikel ini
Pidangan Balé Rumawat
Layang pangajén MURI dipasrahkeun ka Pupuhu Pusat Budaya Sunda (PBS) Universitas Padjadjaran, Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA. Disaksian ku Panaratas MURI, Prof. Dr. (HC) K.P. Jaya Suprana.

Pidangan Balé Rumawat Padjadjaran alpukah Pusat Budaya Sunda (PBS) Unpad kasinugrahan Musium Rékor Indonésia (Muri), Senén (12/10/2026). Layang pangajén dipasrahkeun ka Pupuhu PBS, Prof. Dr. Ir. Ganjar Kurnia, DEA.

Dumasar kana dokuméntasi nu kakumpulkeun, PBS kawilang maneuh ngagelar pintonan seni budaya Sunda ti wangkid taun 2008 — Prof. Ganjar keur jeneng jadi Réktor ka-10 Unpad — nepi ka taun 2026.

“Dina statuta Unpad, salah sahijina nandeskeun aya kawajiban pikeun ngamumulé tur ngobyagkeun budaya Sunda,” ceuk Prof. Ganjar harita.

Éta pancén ngawujud ku jalan ngamangpaatkeun rohang kosong di Kampus Iwa Koesoemasoemantri pikeun jadi gedong tempat mintonkeun seni budaya Sunda, katelahna “Balé Rumawat”.

Pintonan munggaran, Konsér Renungan Akhir Tahun, midangkeun karya-karya budayawan Iwan Abdurahman. Ti mimiti harita pisan di gedong Balé Rumawat maneuh gumelar pidangan seni sabulan sakali, nepi ka ayeuna.

Malah lain waé di Balé Rumawat, sababaraha rohang di kampus Unpad kungsi jadi tempat pagelaran kasenian. Tur ngalegaan aweuhanana nepi ka sababaraha daérah di Jawa Barat.

Adumanis Tradisi jeung Modéren

Prof Ganjar nétélakeun, pagelaran teu salawasna kudu lahuta, bisa waé Pidangan Balé Rumawat Padjadjaran ngaréngkol kalawan basajan. “Lebah dinya pisan senina téh,” pokna.

Najan sederhana, di rohang nu heureut tur rarangkén panggung minimalis tapi bisa ngahudangkeun pintonan nu leuwih adek jeung masarakat. Nu minton jeung pamiarsana taya jarak.

“Dina unggal pintonan, sok aya susuguh kuliner Sunda. Bajigur, bandrék, jeung opieunana. Haratis! Euweuh méja parasmanan, ngan ukur aya gorobag bajigur jeung nu dagangna saged ngalayanan nu daratang,” ceuk Prof. Ganjar nandeskeun.

Pidangan Balé Rumawat
PBS Unpad kasinugrahan layang pangajén Muri

Rupa-rupa kasenian tradisional Sunda nu geus kapintonkeun di Balé Rumawat. Musik, wayang, tembang, tari, jeung téater.

Dosén Program Studi Sastra Sunda Fakultas Ilmu Budaya Unpad, Dr. Teddi Muhtadin, nembrakkeun Pidangan Balé Rumawat Padjadjaran nempatkeun kasenian téh satata.

“Teu dipanta-panta. Taya hahalang antara kasenian tradisional jeung modéren. Teu ngabédakeun seniman Unpad atawa lain Unpad, tur kabula-kabalé rék kolot rék ngora rempug jukung sauyunan,” pokna.

Pupuhu Yayasan Pusat Studi Sunda, Dr. (HC) Ir. Burhanuddin Abdullah, M.A. ngarasa reueus tur ngarojong. “Pidangan Balé Rumawat Padjadjaran, pintonan nu terus-terusan maneuh panglilana alpukah PBS Unpad.”

Inyana miharep ieu ketak téh bisa ngadumaniskeun ajén-inajén kasundaan jeung modérnisasi.