Iber

MGMP Basa Sunda SMA Kota Tasikmalaya Milih Orator Petingan

6
×

MGMP Basa Sunda SMA Kota Tasikmalaya Milih Orator Petingan

Sebarkan artikel ini
Play

Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Mulok Wajib Bahasa Sunda SMA Kota Tasikmalaya ngayakeun Seléksi Biantara Galaksi Étnik Kota Tasikmalaya 2026. Acara lumangsung di Balé Sawala SMAN 2 Tasikmalaya, Saptu (14/11/2026).

Pupuhu MGMP Basa Sunda, Susi Yahara nandeskeun nu jadi udagan pasanggiri taya lian pikeun ngamumulé jeung ngamekarkeun Basa Sunda. Kaparigelan para siswa nepikeun eusi pikiran ku jalan cacarita hareupeun jalma réa, salah sahiji kamahéranran basa nu kudu kacangking.

“Biantara jadi bagian tina public speaking dirarancang pikeun ngembangkeun kaparigelan komunikasi siswa pikeun wani cacarita hareupeun umum kalawan gedé haté,” pokna. Ku kituna, ceuk Susi, ieu pasanggiri téh lolongkrang siswa pikeun nepikeun kamandang kalawan rancagé.

“Lian ti éta, biantara bisa ngalatih siswa mikir kritis jeung nyarungsum sarta nepikeun arguméntasi nu kaharti tur nyambung,” pokna deui.