Industri média nyanghareupan panéka jaman nu lahuta, kamekaran téhnologi digital kaasup akal imitasi (AI). Média lain ngan ukur nyuguhkeun informasi kalawan gancang, tapi kudu bisa nyaluyukeun karep sangkan eusina angger rélevan, nepi ka pamiarsa, tur ngajaga kalumangsungan balantikna.
Kitu ceuk Pupuhu Rédaksi Suara.com, Suwarjono dina panglawungan Local Media Summit 2026 di Hotél Manhattan Jakarta, Kemis (22/102026). Tangtangan média kiwari, ceuk Suwarjono, lain sakadar mastikeun kontén nepi ka publik, tapi ogé kudu bisa transformasi ngigelan prilaku pamiarsana nu kapangaruhan ku kamekaran digital.
Média di daerah butuh rohang nu laluasa pikeun silih wewegan ku jalan babagi pangaweruh, sawala, ngilu pelatihan, sarta ngaronjatkeun kaparigelan sangkan henteu tinggaleun nuturkeun kamekaran industri média nasional.
“Parobahan nu kaalaman ayeuna, henteu nungtut saeutik-saeutik tapi sajorélat langsung ngajleng ka hareup. Lamun urang teu ngariung, diskusi, terus diajar, bakal tinggaleun,” pokna.
Copélna aya opat perkara nu kudu disanghareupan média lokal, média niche atawa média nu manco kana hiji hal, sarta para kréator berita nu sapopoéna ngagugulung média digital. Nu kahiji robahna prilaku pamiarsa, ti média citak, multimédia, wébsite, média sosial nepi ka AI nu ngalantarankeun pola konsumsi informasi masarakat terus robah.
Nu kadua, kamekaran téhnologi. Média diperedih bisa ngigelanana. Terus-terusan diajar sangkan tapis ngamangpaatkeun téhnologi — kaasup akal imitasi — boh dina prosés produksi boh dina distribusi kontén. Ku jalan silih asah dina panglawungan kawas Local Média Summit, pangaweruh jeung kaparigelan média daérah ogé ngaronjat. Bisa nuturkeun média-média anu geus jarugala.
Nu katilu, strategi kontén. Di tengah nerekabna média sosial, nu bisa sakolépat nyebarkeun informasi langsung ti lokasi, média lain ngan ukur ngandelkeun gancangna publikasi. Média kudu nangtukeun kontén anu dipikabutuh ku pamiarsana, sakaligus nawarkeun informasi nu leuwih punjul. Di antarana lokalitas, boga lolongkrang anu hadé.
Nu kaopat, kawilang pangbeuratna. Taya lian robahna modél bisnis média. Suwarjono ngimeutan sual sumber waragad média nu kiwari keur seuseut seuat. Contona waé, anggaran pamaréntah nu salila ieu jadi andelan sumber panghasilan sababaraha média beuki werit.
Ku kituna, média kudu mikiran cara séjén sangkan média bisa hirup. Teu ngan ukur ngandelkeun tina iklan atawa rukun gawé jeung pamaréntah. Modél bisnis anyar kudu mimiti dijalankeun pikeun ngajaga kalumangsungan operasional média, sakaligus mastikeun aktivitas jurnalistik tetep jalan.
“Jurnalisme diwaragadan, lain jurnalisme ngawaragadan,” pokna nandeskeun.
Ku jalan ngilu Local Media Summit 2026, nu ngokolakeun industri média dipiharep bisa silih pageuhan, babagi pangalaman, tur neuleuman strategi nu kiwari bisa dipaké pikeun nyanghareupan parobahan ékosistem digital.






