Propinsi Sunda jadi paguneman anu daria. Malah geus nepi ka DPRD Jawa Barat sabada Komunitas Pengkaji Pergantian Nama Provinsi Jawa Barat ngadongsok Komisi I DPRD Jabar, Kemis (2/7/2026).
Wakil Pupuhu DPRD, Ono Surono nétélakeun baris nalingakeun perkara aspirasi ngaganti ngaran Propinsi Jawa Barat jadi Propinsi Sunda, saluyu jeung mékanisme législasi nu aya.
“Lain saukur ganti idéntitas, tapi kudu sajalan jeung tarékah pikeun ngawujudkeun kaadilan fiskal, layanan publik nu karasa ku balaréa, nepi ka ngaronjakeun karaharjaan warga Jabar,” pokna.
Teu ngabibisani, ceuk Ono, karasa pisan ganjorna alokasi anggaran keur Jawa Barat lamun dibandingkeun jeung Jawa Tengah, pon kitu deui jeung Jawa Timur.
Katémbong tina jumlah kabupaten/kota jeung désa, nu ngabalukarkeun alokasi anggaran nu ganjor pisan. Jauh bédana. Alokasi anggaran keur Jawa Barat leuwih leutik batan Jawa Tengah jeung Jawa Timur.
Ku kituna DPRD Jawa Barat lain ngan ukur manco ngabahas aspirasi pikeun ganti ngaran propinsi wungkul. Teu cukup ku aspék simbolik, tapi kudu boga udagan nu jelas, ngawewegan pangwangunan daérah tur ngaronjatkeun karaharjaan masarakat.
Prosésna ogé henteu samet nepi tingkat daérah. Putusan ahir mah wewenangna aya di pamaréntah pusat saluyu jeung régulasi nu aya. Teu béda jeung ngusulkeun Calon Daérah Otonomi Baru (CDOB).
“Boh usulan ngaganti ngaran provinsi boh CDOB boga udagan nu sarua, taya lian ngaronjatkeun karaharjaan rahayat. Duanana kudu saluyu jeung lilinggeran,” ceuk Ono.
Ngaran Patempatan
Lian ti ngabahas ganti ngaran propinsi, dina éta gempungan kaungkarakeun ogé ngeunaan ngaran komplék perumahan, tempat wisata, gedong, nepi ka puseur balanja diperedih leuwih adek jeung idéntitas budaya Sunda.
Tong maké istilah basa deungeun, minangka tarékah mageuhan jati diri budaya daérah. Lajuning lakuna ku jalan nandeskeun Peratuaran Daérah (Perda) atawa régulasi séjénna nu saluyu jeung kawenangan daérah.
Kabéh Fraksi Sapuk
Ketua Komisi I DPRD Jabar, Rahmat Hidayat Djati nembrakkeun kabéh fraksi sapuk kana usul ngaganti ngaran Propinsi Jawa Barat jadi Propinsi Sunda sangkan aya lajuning lakuna kana tahap législasi.
“Satuluyna baris dimimitian ku nyampurnakeun naskah akademik minangka dadasar panalungtikan. Sanggeus kitu, DPRD baris nangtukeun mékanisme ngabahasna. Naha ku jalan nyieun Panitia Husus (Pansus) atawa dibahas di Komisi I DPRD Jawa Barat,” ceuk Rahmat.
Nu antukna, Rahmat nandeskeun, usul ngaganti ngaran propinsi kudu kasaluyuan ku pamaréntah pusat sakumaha katangtuan atawa aturan undang-undang nu aya.





