Akademi Tembang Sunda alpukah Pusat Budaya Sunda (PBS) Unpad nu lumangsung di Balé Rumawat, Jumaah (16/10/2026) diiluaan ku 81 urang unggal generasi, ti umur 10 nepi ka 58 taun.
Puhuhu PBS Unpad, Prof. Ganjar Kurnia langsung muka acara kalawan reueus. “Bismillah,” pokna.
Préstasi non-akademik nu bisa dilakonan di luar atrikan formal kawilang penting. Saha waé bisa punjul sanajan kacangking di luar akademik atawa non-gelar. Di antarana bisa kacumponan ku jalan ngasah kaparigelan dina widang seni, kaasup tembang Sunda.
Anu ngawulang aya tiluan, lain joré-joré. Kabéhanana kungsi kalélér juara tembang. Taya lian, Elis Rosliani (Juara Pasanggiri Damas 2001), Rosyanti (Juara Pasanggiri Damas 2009), jeung Sony Riza Windyagiri (Juara Pasanggiri Damas 2023).
Rosyanti ngaku reuwas tur reueus, ku teu sangka nu ngiluan Akademi Tembang Sunda sakitu lobana.
“Reueus pisan. Reuwas aya reueus aya. Reuwasna téh ku seueur geuningan éta anu hoyong ngariringan. Ayeuna pan rada sesah nya asana téh kitu. Enya aya kénéh kitu anu haroyongeun diajar kana Cianjuran? Ari barang bréng, nya alhamdulillah seueur,” pokna.
Rék teu kitu kumaha, ti unggal generasi aya. Pangorana téh Attala Rafa Hudaya (10), Éstari Nugrayanto (35) ngawawakilan milénial ngilu diajar, sarta Édi Wiharyadi (58) ngawakilan gén X.
“Pokona mah dinten ayeuna mah seru pisan,” ceuk Attala nu kiwari keur nyuprih élmu di kelas 5 SD.
Pon kitu deui Éstari asal Kabupatén Bandung Barat nu kiwari jadi guru SMP. “Alhamdulillah tiasa diajar deui. Tiasa pendak sareng guru-guru sim kuring, Bu Elis sareng Bu Ros,” pokna.
Édi urang Cimahi, cita-citana baheula hayang bisa nembang téh ti keur budak kénéh. “Kaleresan dina danget ieu PBS Unpad ngayakeun Akademi Tembang Sunda. Mudah-mudahan waé simkuring jadi juara Damas,” pokna miharep.





