Iber

Majalah Manglé Ginuluran Anugerah Kebudayaan Indonesia 2026

1060
×

Majalah Manglé Ginuluran Anugerah Kebudayaan Indonesia 2026

Sebarkan artikel ini
Majalah Manglé
Majalah Manglé salah sahiji nu meunang Anugerah Kebudayaan Indonesia 2026 (AKI 2026) alpukah Kementerian Kebudayaan.

Majalah Manglé kapilih jadi salah sahiji nu meunang Anugerah Kebudayaan Indonesia 2026 (AKI 2026) alpukah Kementerian Kebudayaan. Layang pangajén dipasrahkeun langsung ku Menteri Kebudayaan, Fadli Zon ka Diréktur Operasional Majalah Manglé, Evie Ariadne Shinta Dewi, Jumaah (6/11/2026) di Plaza Insan Berprestasi, Komplék Kemendikbudristék, Senayan, Jakarta.

Fadli Zon nételakeun pamaréntah ngajénan kana tarékah saha waé anu ngariksa kabudayaan Indonésia. Menteri miharep ieu pangajén bisa jadi inspirasi atawa pangjurung laku unggal pihak pikeun ilubiung ngobyagkeun kabudayaan.

Majalah Manglé
Layang pangajén dipasrahkeun langsung ku Menteri Kebudayaan, Fadli Zon ka Diréktur Operasional Majalah Manglé, Evie Ariadne Shinta Dewi, Jumaah (6/11/2026) di Plaza Insan Berprestasi, Komplék Kemendikbudristék, Senayan, Jakarta.

“Ieu téh pangajén ti nagara. Ngabagéakeun ka saha waé anu miroséa budaya. (Pamaréntah) ngaku yén nu narima anugerah geus méré inspirasi keur nu séjén,” pokna bari miharep bisa ngadorong lembaga, institusi, sarta pamaréntah daérah sangkan leuwih aktif ngahucuhkeun tarékahna mikanyaah kabudayaan.

Direktur Bina Sumber Daya Manusia, Lembaga, dan Pranata Kebudayaan, Syukur Asih Suprojo, nandeskeun, AKI 2026 bisa nuduhkeun aprésiasi pamaréntah ka pribadi, komunitas, lembaga, jeung pihak-pihak nu geus méré kontribusi pikeun mekarkeun kabudayaan Indonésia.

AKI 2026 tahap kahiji dipasrahkeun keur tujuh kategori, di antarana Indonésianis jeung Diaspora. Laju keur pamaréntah daérah, taman budaya, anjungan daerah di Taman Mini Indonesia Indah (TMII), média, tur museum.

Katégori média, lian ti Majalah Manglé anu kasinugrahan layang pangajén nyaéta Antara Jakarta, jeung Radio Republik Indonesia (RRI). Ari anu tahap kadua baris lumangsung bulan Desember 2026. Katégori  nu baris narima di antarana maéstro, pelestari, jeung widang tradisi.