Iber

Pasanggiri Méncéngés: Ketak MGMP SMA Basa Sunda Tasikmalaya

1242
×

Pasanggiri Méncéngés: Ketak MGMP SMA Basa Sunda Tasikmalaya

Sebarkan artikel ini
Play

Wakil Wali Kota Tasikmalaya, Rd. Diky Candranegara ngabagéakeun Pasanggiri Méncéngés nu lumangsung di Universitas Perjuangan Tasikmalaya alpukah MGMP SMA Guru Basa Sunda , Rebo (14/10/2026).

“Jujur kuring nyarita, antusias masarakat kasebutna can wah. Tapi dina sual kagiatan, reueus ka para pajoang. Jajaran panata calagara geus ihtiar satékah polah pikeun ngahiji tur nyieun kagiatan nu lumangsung kalawan lancar,” pokna.

Rék teu kitu kumaha, Pasanggiri Méncéngés éstuning karep sorangan pangurus MGMP. Béda jeung Féstival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) tingkat SD jeung SMP nu boga waragad maneuh ti pamaréntah.

“Pasanggiri Méncéngés mah beunang itikurih pangurus MGMP Basa Sunda Tasikmalaya, dirojong ku Universitas Perjuangan,” ceuk Pupuhu Panata Calagara, Farhan Abaydillah dienyakeun ku Pupuhu MGMP SMA Bahasa Sunda Kota Tasikmalaya, Susi Yahara.

Suara Kampus (Suaka) Universitas Perjuangan salah sahiji nu ngabantuan dokuméntasi. Aya ogé C.V. Birly Jaya nu ngilu ngadeudeul ieu Pasanggiri Basa jeung Sastra Sunda tingkat SMA/SMK/MA satata sa-Priangan wétan.

Farhan nétélakeun aya genep mata lomba nu dipasanggirikeun: kawih, maca sajak, ngadongéng, aksara Sunda, nulis carpon, jeung témpas sindir. “Ka hareupna, mudah-mudahan ngaronjat jadi tingkat Jawa barat,” pokna.

Rektor Unper, Yadi Heryadi nembrakkeun, ngarojong pisan kana ieu pasanggiri, alatan saluyu jeung visi kampus. “Salah sahijina ngadorong kamekaran seni budaya Sunda jeung kabeungharan budaya lokal,” nandeskeun.