Alumni Unpad, Rinrin Nur Febrianti masrahkeun asih katineung ka Presidén ka-6 Republik Indonesia Prof. Dr. H. Susilo Bambang Yudhoyono (SBY) disaksian ku Rektor Unpad Prof. Arief Sjamsulaksan Kartasasmita.
Rumpaka anu ngaguluyur jadi galur carita kawih panineungan nu éndah ngeunaan tangtungan almarhumah Ani Yudhoyono dipasrahkeun ka carogéna, Presidén ka-6 Republik Indonesia Prof. Dr. H. Susilo Bambang Yudhoyono (SBY) basa nganjang ka kampus Unpad, Salasa (13/10/2026).
Rinrin nembrakkeun, ieu kawih téh minangka wujud rasa hormat jeung reueus ka tangtungan Susilo Bambang Yudhoyono jeung Ani Yudhoyono.
“Pikayungyuneun. Lain ngan saukur pasangan tokoh nagara. Tapi gambaran ngeunaan asih, satia, jeung hirup nu pengkuh,” pokna.
Aya nu salawasna ngahudang rasa, nalika Ani Yudhoyono pupus. SBY henteu katémbong alum, alatan rasa sedih diréngkolkeun dina kanvas. Ngajanggélék jadi téks jeung lukisan anu matak liuh kana haté.
“Ti dinya pisan, ieu kawih gumelar,” ceuk Rinrin nandeskeun.
Mun langit iuh ku méga, apan kakangen ka salira …
Kanvas | Sanggian (Komposer): Sony Riza Windyagiri, M. Sn.; Rumpaka (Lirik): Yogi Bintara, S. Hum.; Panata Musik (Arranger): Arya Ihsan Danupi; Panata Gambar (Panata Video): Rinrin Nur Febrianti, S. Hum.