Presidén ka-6 Republik Indonesia Prof. Dr. H. Susilo Bambang Yudhoyono (SBY) nganjang ka kampus Unpad, Salasa (13/10/2026). Sihoréng ngaluuhan Dies Natalis ka-68 Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Politik (FISIP) Universitas Padjadjaran.
SBY nandeskeun pentingna integritas, inovasi, jeung kolaborasi nyanghareupan pangwangunan nasional jeung dinamika global. Neundeun talatah ku jalan orasi ilmiah anu jejerna: “FISIP Unpad untuk Indonesia: Merawat Integritas, Menggerakkan Inovasi, dan Membangun Kolaborasi”.
SBY umajak sangkan FISIP Unpad salawasna muka lolongkrang pikeun numuwuhkeun pikiran nu calakan, kritis, tur indepénden. Paguron luhur kudu ngajaga kabébasan akademik tur wawanén nepikeun bebeneran dumasar élmu pangaweruh.
“Lamun sagala urusan dipasrahkeun ka ahlina baris tinekanan pamaksadan, pulitisi kudu ngabandungan para pakar, alatan pulitik kudu nyindekel kana élmu pangaweruh . Élmuwan ngemu kaahlian jeung pangalaman,” pokna.
Paguron luhur teu cukup ku ngiritik kawijakan. Pikiran akademik bisa langsung ngadeudeul sangkan bangsa bisa maju.
Lulusan Pinunjul
Rektor Unpad Prof. Arief Sjamsulaksan Kartasasmita nembrakkeun aprésiasi lalakon panjang FISIP Unpad ssalila 68 taun ngokolakeun atikan nu ngalahirkeun lulusan pinunjul.
Teu saeutik alumni FISIP Unpad, kiwari nyekel kalungguhan penting pikeun nangtukeun kawijakan di Indonésia. Réktor miharep sivitas akademika jeung alumni FISIP Unpad teu eureun ngawewegan ketak fakultas pikeun nyitak generasi unggul.
“Saluyu jeung tagline unggul, inklusif, dan berdampak bagi masyarakat. Mudah-mudahan jadi inspirasi keur entragan ayeuna jeung generasi nu bakal datang,” pokna.
Katémbong aya Menteri Ekonomi Kreatif RI Teuku Riefky Harsya, sababaraha urang anggota DPR RI jeung DPRD Provinsi Jawa Barat, Wakil Ketua MWA Unpad Prof. Arry Bainus, Ketua Senat Akademik Unpad Prof. Yoni Syukriani, Dekan Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Politik Unpad Prof. Dr. Mohammad Benny Alexandri, katut pingpinan di lingkungan Unpad dan FISIP Unpad, sarta mahasiswa FISIP Unpad.





