Ti Béngkél Sastra nepi ka Ramatloka
REMEN pisan kareungeu – malah diaku ku para guru sorangan – pangajaran sastra di sakola can nyugemakeun. Alatan, siswa olab ku tiori. Tong boro, siswa parigel nulis sajak atawa carita pondok, dalah kaparigelan maca karya ogé, cenah, kadungsang-dungsang.
Ngaguar hiji karya, nepi kaperet cipatina can bisa dilarapkeun kalawan tapis ku para siswa. Padahal, ceuk sakaol, rarasaan geus béak déngkak nepikeun bahan ka barudak téh. Metakeun rupa-rupa jurus. Boh nu kaundeur basa kuliah di jurusan basa jeung sastra atawa meunang namperkeun tina seminar-seminar. Tapi da kélu, dina prak-prakanana teu weléh sok tara imeut.
Éta cenah aya sakaol nu nyebut, diajar sastra mah teu pikaresepeun. Ngan kitu jeung kitu waé. Taya kamonésan. Matak bosen. Siswa arang diajak ancrub neuleuman ajén-ajén nu dikemu ku karya sastra, tapi diwewelan teuing ku tiori téa. Munasabah lamun hasilna téh ngan ukur apal cangkem. Sausap saulas dina cangkang, henteu nyosok jero kana eusi.
Padahal dina kurikulum, apan kaunggel aya aspék kaparigelan sastra ti SD nepi ka SMA. Tur dibéjérbéaskeun diwengku ku ngadéngékeun (ngabandungan), maca, nyarita, jeung nulis. Ngan hanjakal – sakumaha nu ditembrakkeun ku Nurwéni Saptawuryandari, basa Konférénsi Internasional Kesusastraan XIX nu diluluguan ku Himpunan Sarjana Kesusastraan Indonesia (HISKI) – palebah neuleuman karya sastra atawa aprésiasi sastra sok ngatog kénéh. Siswa antukna mah ukur ngapalkeun judul-judul buku jeung pangarangna, bari jeung henteu ancrub ngaguar ‘téks’-na.
Lamun diimeutan, nu diréngkolkeun dina kurikulum, saenyana mah geus kawilang nyumponan. Nu jadi pasualan, waktu nu samporét. Acan deuih lamun dibandingkeun lolongkrangna jeung pangajaran basa. Pangajaran sastra mah éstuning, leuwih saeutik batan bagbagan linguistik atawa élmu basa. Ieu ogé jadi bangbaluh.
Katambah-tambah, lamun karep guruna sorangan mumul neuleuman sastra. Katurug katutuh kasebutna. Keur mah eukeur, waktuna pikeun ngajarkeun sastra mah kawatesanan, katurug-turug teu dirojong ku kaparigelan guruna deuih. Atuh, rohang keur pangajaran sastra téh beuki towong.
Saenyana mah geus aya tarékah pikeun ngungkulan, sangkan diajar sastra di sakola teh bisa jadi jontrot. Lantaran lamun ditamperkeun mah, karya sastra téh ngemu ajén-inajén hirup, nu bisa dilarapkeun dina réngkak paripolah sapopoé. Cohagna mah, sebut waé sastra téh bisa jadi pakakas atawa instrumén pikeun ngajarkeun moral ka barudak . Copélna, ku ngadadarkeun dongéng apan tétéla pisan nembrakkeun ajén hadé jeung goréng, lamun goréng balukarna sangsara, lamun hadé balukarna kasinugrahan bagja.
Apan éta pisan nu jadi udagan pangajaran sastra téh, ngawewegan pribadi siswa, ngajembaran wawasan, lian ti ngaronjatkeun pangaweruh tur kaparigelan maké basa. Malah dipiharep lamun éta udagan geus kahontal, siswa baris mikareueus karya-karya sastra beunang pangarang pituin Sunda atawa bangsa sorangan. Piraku waé lamun geus nepi ka éta makom, karep nulis atawa nyieun karya teu kadorong.
Ayeuna mah teu kudu patuding-tuding, néangan saha nu salah, nepi ka pangajaran sastra di sakola téh, kiwari can nyugemakeun. Da lamun nilik kana bahan nu geus aya mah, sagalana geus nyampak. Ayeuna mah kari soson-soson ngajalankeunana. Ulah satengah-satengah atawa padu waé.
Lamun téa mah, rumasa pangaweruh tur kaparigelan sastra kawatesanan, apan bisa ngumaha ka para sastrawan di wewengkon séwang-séwang. Lamun nu rék diobyagkeun di sakola sastra Sunda – upamana – hadéna mah meredih waé ka Paguyuban Pangarang Sastra Sunda (PPSS), sangkan ngirim atawa nuduhkeun saha sastrawan nu rék dilulungsur pikeun ngadeudeul bagbagan sastra langsung ti puhuna.
Ieu pasualan téh saenyana geus disanggap ku Pusat Bahasa, Departemen Pendidikan Nasional. Malah mah ti beh ditu kénéh.
Di antarana waé ku gumelarna Béngkél Sastra taun 1994. Jadi lain perkara nu anyar. Éstuning ieu masalah téh geus heubeul. Kagiatanana, ngumpulkeun siswa SMP jeung SMA pikeun diajar sastra kalawan diaping ku para sastrawan. Téhnisna dibagi tilu kelas workshop. Aya kelas puisi, kelas carita pondok, jeung kelas drama.
Sastrawan teureuh Tasik, Acep Zamzam Noor, kungsi diperedih ku Pusat Bahasa pikeun nyieun film dokuméntér nu ngagambarkeun pangajaran alternatif sastra ti mimiti SD nepi ka SMA. Lalajo film, mémang salah sahiji cukang nu bisa nyambungkeun para siswa jeung sastra. Tangtuna waé, film nu baris disuguhkeun ka barudak kudu luyu jeung kabutuh.
Lian ti média film, ramatloka (internét) ogé salahsahiji cukang nu bisa dipaké pikeun ngawanohkeun sastra ka barudak. Tangtuna, para guru diperedih parigel atawa copélna wanoh jeung internét. Lain waé keur siswaSMP atawa SMA, dalah siswa SD ogé ayeuna mah geus tapis, manco hareupeun komputer ngadon mabar atawa tiktokan.
Tangtuna, kudu disadiakeun eusi ramatloka nu bisa nyumponan kabutuh para guru sastra jeung siswa. Lain perkara nu mustahil. Pasti bisa dipilampah. Asal soson-soson. Da lamun keyeng mah, sagala perkara ogé tangtu pareng.

