Sepén

Ari Diarah Supana Kudu Dipiara Catangna

13
×

Ari Diarah Supana Kudu Dipiara Catangna

Sebarkan artikel ini
Ari Diarah

Cur hujan, taneuh beueus. Supa-supa tingkuniang jaradi. Supa anu mangkak dina catang diala. Kitu jeung kitu, ti usum ka usum. Antukna jadi papagon hirup salaras alam: ari diarah supana kudu dipiara catangna. Hartina, sakur anu méré hasil ka urang kudu dipiara dihadé-hadé.

Nu méré hasil téh bisa catang anu ngahasilkeun supa lémbér, bisa tangkal anu ngahasilkeun bungbuahan, bisa ogé sawah, kebon, warung, atawa kandaraan anu pada-pada ngahasilkeun kauntungan. Luyu jeung kamekaran jaman, naon nu disebut méré hasil téh bakal terus ngalegaan, kaasup tempat urang digawé.

Karuhun urang ngawanti-wanti yén sakur barang atawa tempat anu geus méré mangpaat kudu dipiara bener-bener. Teu meunang dimomorékeun. Komo deui diruksak. Éta mah pohara dibaidkeunana.

Kaasup miara bener-bener lamun urang milu tanggung jawab mikiran jeung narékahan sangkan barang atawa tempat urang digawé terus hirup kalayan hurip. Teu hadé upama urang ngantep barang urang, motor atawa mobil contona, dipeleter tapi teu diurus. Anu kacida goréng patutna lamun urang ngaruksak barang anu méré hasil ka urang. Atawa der ngaruksak atawa ngagasab barang nu aya di tempat pagawéan urang.

Dina seuhseuhanana budaya Sunda téh solusi, pangpangna, keur urang Sunda sorangan. Kapan paribasa ari diarah supana kudu dipiara catangna ogé mangrupa jawaban tina pasualan hirup sapopoé. Ieu paribasa ngatik urang Sunda sangkan hormat ka sakur anu méré mangpaat jeung sangkan sukuran ka sakur nu ngawuwuh ku kauntungan. Rasa sukur anu jucung tug tepi ka Dat Nu Mahawelas Nu Mahaasih. *** (TM)