Sepén

Hérang Caina Beunang Laukna

15
×

Hérang Caina Beunang Laukna

Sebarkan artikel ini
Hérang Caina

Paribasa “hérang caina beunang laukna” pasti lahir dina waktu alam Sunda masih kénéh héjo lémbok.

Cai ngaburial tina sirah cai, ngamalir kana solokan, terus ka wahangan, antukna tepi ka laut. Ieu kaayaaan téh diabadikeun dina lobana ngaran tempat anu dimimi- tian ku engang “ci”: Ciburial, Cihérang, Cikahuripan, jst.

Hirup dina cai anu hérang téa rupa-rupa lauk boh nu gedé boh nu leutik. Impun hirup dina beungeut cai, abring-ambringan. Lauk nu leuwih gedé cicing di nu leuwih jero. Hayang lauk keur sakalieun dahar mah cukup ku diuseupan. Mang- paatna, laukna beunang, caina henteu kiruh, tempatna henteu ruksak. “Caina hérang laukna beunang” téa.

Sangkan “hérang caina beu- nang laukna” mémang kudu sabar. Sabar cara tukang nguseup nungguan kukumbul. Tangtu eupanna kudu alus, sangkan pikabitaeun lauk. Mindeng kacaritakeun kapan tukang nguseup mah sok paalus-alus eupan. Bahan jeung cara nyieun ogé biasana mah sok dirasiahkeun.

Atuh useup, benang/kenur, jeung jeujeur kudu luyu jeung lauk nu rék diuseupan. Upama eupan disanggut, jeujeur can tangtu lang-sung dipecatkeun. Nguseup paray sok clom giriwil, tapi pikeun lauk gedé mah rata-rata kudu ditataran heula, sangkan capéeun. Tina perkara jeujeur muncul paribasa lianna leuleus jeujeur liat tali. Hartina, adil atawa wijaksana.

Tina kahirupan tukang nguseup urang Sunda metik hiji kawijaksanaan anu jadi papagon hirup anu natrat mangpaatna tug tepi ka kiwari. “Hérang caina beunang laukna”, atawa “caina hérang laukna beunang” atawa “laukna beunang caina hérang” hartina sarua nyaéta maksud tinekanan bari lungsur-langsar, taya kaributan naon-naon. Pikeun “hérang caina beunang laukna” urang perlu sabar jeung rancagé. (TM)