Lokatmala

Hasiat Séhat Katuangan Sunda

39
×

Hasiat Séhat Katuangan Sunda

Sebarkan artikel ini
Play

Ieu paguneman medar pentingna gékgékan kadaharan, genetika, jeung mikrobioma awak pikeun ngajaga kaséhatan, kalawan nyindekel kana kabeungharan kadaharan tradisional Sunda.

Kabahas ogé pangaweruh ngeunaan riwayat kaséhatan kulawarga (génétik) nu bisa nangtukeun pola dahar nu merenah pikeun ngungkulan kasakit katurunan saperti diabétés.

Awak manusa miboga ékosistem internal mangrupa bakteri, jamur, jeung parasit nu butuh nutrisi nu bener sangkan saimbang (eubiosis). Ku kituna perelu anu kasebutna pangan fungsional nu sumberna tina kabeungharan pepelakan lokal Sunda.

“Pangan fungsional, hartina ngonsumsi kadaharan nu boga pangaruh kana kaséhatan kalawan nyata, lain sakadar seubeuh,” ceuk Yaya bari nandeskeun saenyana urang Sunda mah moal gering, lamun bisa ngamangpaatkeun kabeungharan sumber kadaharan lokal nu aya.

Loba pepelakan lokal saperti daun salam nu bisa ngawétkeun kadaharan (antibakteri), temu lawak, cikur nu boga poténsi pikeun jadi pangan fungsional anu kacida séhatna.

Sarupaning lalab sacara ilmiah ngandung Pink Pigmented Facultative Methylotrophic (PPFM) nu beunghar ku antioksidan, hadé keur kaséhatan.

Mulangkeun kadaharan nu geus kapopohokeun

Loba kadaharan Sunda nu geus kapopohokeun. Upamana waé dagé, kupa, haréndong, dan cécéndét boga kandungan gizi jeung sanyawa bioaktif kudu dihudangkeun deui.

Tangtuna perelu aya risét ilmiah, nalungtik pepelakan lokal sangkan bisa diproduksi tur dimangpaatkeun pikeun aweuhan nu leuwih lega. Bisa waé diproduksi massal.

“Upamana waé ékstrak daun katuk jeung bongborosan (temu kunci) nu boga poténsi dina industri kosmétik jeung kaséhatan,” ceuk Yaya.

Play