Sawangan

Talatah Steve Jobs keur nu Ngarora

28
×

Talatah Steve Jobs keur nu Ngarora

Sebarkan artikel ini
Talatah Steve Jobs
Ilustrasi Nano Banana

NGARAN Steve Jobs, hamo bireuk deui. Munasabah, upama ka ieu panaratas Apple téh, loba nu nineung basa mulang ka alam kalanggengan 5 Oktober 2011, nincak umur ka 56 taun.

Kasakit kangker pankreas nu karandapan mangtaun-taun, teu ngahalangan ketakna anu nyongcolang. Kaasup nyawang sual pati, nu ku Jobs dianggap puncak hirup pangpunjulna.

“Tong ngalalaworakeun hirup,” pokna basa ceramah hareupeun para wisudawan Universitas Standford, AS, Juni 2008 ka tukang.

“Waktu urang kawatesanan, ulah ngalalaworakeun, upamana ku jalan gumantung kana hirup jalma séjén. Urang nu nomer hiji mah, nu lian mah nu kadua,” cenah.

Jobs ngaku, unggal poé ngeunteung jeung nalék diri sorangan. “Mun seug téa mah poé ayeuna pamustungan hirup kuring. Naha urang nyaho, naon nu baris dipilampah poé ayeuna?

Lamun méh unggal poé urang ngajawab: ‘Henteu’. Hartina kuring nyaho, kudu ngarobah hiji perkara,” cek Jobs harita nu mireng dirina geus sataun ngarandapan kasakit kangker.

Kaayaan kitu pisan, nu ngalantarankeun Jobs kagitik pikeun nangtukeun pilihan nu beuneur salila hirup. Karasana beurat kacida kudu nurut ka dokter tur nahan kanyeri nu liwat saking salila dirawat. Tapi dibarengan ku sadar, yén dina hiji mangsa bakal mulang ka alam kalanggengan.

“Saha nu hayang maot? Euweuh saurang ogé. Samalah jalma-jalma nu hayang asup surga ogé, narah ngalaman paéh heula mah. Tapi pati mah papastén, udagan hirup nu daék teu daék baris kasanghareupan. Saurang ogé moal aya nu bisa pukah jeung pati,” pokna.