Saeutik patri, salah sahiji ciri paribasa. Sok sanajan saeutik, tapi mahi. Ungkarana pondok, ma’nana jero. Éndah deuih. Sabagian murwakanti, sabagian kuat babandinganana.
Paribasa “manuk hiber ku jangjangna” saenyana mangrupa sindir atawa cangkang tina sisindiran (paparikan). Kalan-kalan sok lengkep diucapkeun “manuk hiber ku jangjangna, manusa hirup ku akalna”. Tapi, ku nyebut cangkangna wungkul ogé batur anu sabudaya mah geus paham kana maksudna. Kawas keur ngagambarkeun jalma rayungan, geuning, cukup ku nyebut cangkang sisindiran baé “bangbung ranggaék”, eusina “tadi embung ayeuna daék”.
Dina salah sahiji ujian promosi doktor anu panalungtikanana ngeunaan budaya atikan urang Sunda kuring nanya ka promo- véndus, paribasa naon anu pang- pentingna dina budaya atikan urang Sunda. Jawabna téh, “manuk hiber ku jangjangna”. Naha bet kitu?
Ceuk promovéndus paribasa “manuk hiber ku jangjangna, manusa hirup ku akalna” téh ngagambarkeun kaayaan manusa anu mandiri nyaéta anu ngamangpaatkeun kalayan maksimal poténsi puncakna nyaéta akal pikeun hirup kumbuh di masarakat. Manéhna henteu mangmang jeung hariwang, hirupna henteu gupuy-gapay ka ditu ka dieu, sakur masalah séngkéd geusan naék.
Kuring satuju.
Dina sisindiran “Manuk hiber ku jangjangna. Manusa hirup ku akalna.” katangén gumulungna cangkang jeung eusi. Lain baé ku lantaran raketna sora “manuk” jeung “manusa”, “hiber” jeung “hirup”, “ku jangjangna” jeung “ku akalna”, tapi mibanda babandingan anu kuat antara potensi puncak manuk nyaéta jangjang nu ngalantarankeun bisa hiber jeung potensi puncak manusa nyaéta akal nu ngalantarankeun bisa mikir.
Dina paribasa “manuk hiber ku jangjangna” katangén seukeutna panempo karuhun urang dina maca ayat-ayat alam pikeun ngatik anak incuna sangkan mandiri. (TM)



