Bapa hampura, rumaos sok reueus, umangkeuh turunan ménak, rumaos sok agul ku payung butut….”.
Kitu saur Bapa Naib dina roman Payung Butut (1968) karya Ahmad Bakri. Harita Bapa Naib téh nuju tungara pisan wiréh Néng Ébah, putrana nu cikal, sabada dioperasi usus buntu téh kalah kakirangan getih. Atuh Bapa Naib lajeng nyuhunkeun tulung ka tatanggana, pangpangna para pamuda.
Ku teu sangka para pamuda, nu diwakilan ku Samsu, nolak pamundutna. Pajarkeun téh getihna béda. Getih Néng Ébah mah getih ménak, ari getih Samsu saparakanca ukur getih cacah kuricakan. Cenah lamun dicampur bisi jadi mamala ka nu teu damang.
Bapa Naib surti, éta pamuda téh keur nyindiran pédah dirina kungsi nolak lamaran kulawarga Suganda, dulur misanna Samsu, pédah “getihna” teu sarua, lain ti golongan ménak.
Sikep Samsu saparakanca némbongkeun yén urang Sunda umumna pohara teu resepna ka jalma anu ngarasa reueus pédah turunan ménak. Resep ngagul-ngagul karuhun nu pinunjul pikeun ngagungkeun dirina nu saenyana héngkér.
Bisa jadi ieu téh kritik kana féodalisme. Mungkin baé ngagambarkeun limbungna féodalisme lantaran robahna
sistim sosial.
Najan kitu, ieu paribasa masih kénéh luyu jeung mangsa kiwari. Lamun baheula réa jalma nu agul ku kaménakan, ayeuna ogé réa jalma nu agul ku nasab, préstasi kelompok, organisasi, bangsa, atawa sélér bangsa dina jaman baheula, bari ayeuna mah kacida héngkérna.
Lamun agul ku payung butut teu dipikaresep, tangtu aya nu sabalikna. Sabalikna ti agul ku payung butut mah percaya ka diri sorangan. Percaya kana kamampuh diri sorangan anu ngadorong tarékah pikeun rancagé.
Rancagé ngungkulan masalah, rancagé pikeun ngahasilkeun karya kréatif anu unik tur nyongcolang. Karuhun mah teu perlu diagul- agul, tapi kudu jadi modal pikeun ngawangun kaunggulan nu pikareueuseun. (TM)



